Resensi Pangajaran 3
Definisi • Bahasa belanda resentie, bahasa latin resensio, recensere, jeung revidere nu hartina nepikeun (nyaritakeun) deui. • Resensi nyaeta ngajen atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, film atawa pintonan drama jeung musik (konser). • Eusina nyaeta informasi pikeun anu maca/lalajo ngenaan hiji karya saperti kaunggulanana atawa kahengkeranana.
Tujuan • Mikaweruh ngenaan kaunggulan jeung kahengkeran karya anu diresensi • Maparan gambaran singget keur nu maca • Mere saran/kritik kanu nyieun karya • Mikaweruh latar belakang jeung alesan dijieuna eta karya • Nguji kualitas karya tina kaunggulan jeung kahengkerana (osok dibandingkeun jeng karya anu geus medal saheulaeunana).
Manfaat • Mere Informasi ka masyarakat ngenaan hiji karya (bahan pertimbangan) • Ngajak masarakat sangkan milu ngajen jeung mere tinimbangan kana eusi karya • Pikeun sarana promosi karya anu anyar